Sabtu, 23 Juli 2011

Babasaan


1.   Ragaji beusi  =  Jalma nu bisa pisan nipu ku jalan ngolo  – ngolo
2.   Rambay alaeun reumbeuy beuweungeun  =  Subur makmur loba dahareun hasil tani
3.   Ranggaek memeh tandukan  =  Beunghar memeh boga
4.   Rea jangjang karawatna  =  Rea patula – patalina jeung perkara sejen
5.   Rea ketan rea keton  =  Rea dahareun jeung loba dahareun
6.   Rejeki kaseser ku hakan  =  Rejeki beak dipake barang dahar
7.  Rek dibeureum rek dihideung ge pasrah  =  Rek dimaha – kumaha oge pasrah
8.   Rek dijieun jimat parepeh  =  Awewe ku lalaki anu kacida bogohna, upama daekeun dikawin
9.   Rokrok pondokeun  =  Babari ambek
10.  Rubuh – rubuh gedang   =  Migawe hiji perkara anu ten nyaho maksud jeung tujuanana, ngan saukur nurutan          batur
      Padu teu buruk digantung  =  Perkara moal ruksak ku ditunda
11. Netes semplek nincak semplak kieu salah kitu lain……


2.  Paeh pikir  = Teu boga karep
3.  Paeh poso  =  Meakkeun kadaek, tisusut tidungdung
4.  Pagede – hede urat rengge  =  Patarik – tarik nyoara, nu beluk atawa nu pasea
5.  Pait daging pahang tulang  =  Mulus awak, langka katerap ku panyakit kulit
6. Pait paria  = Pait ge ngeunah
7.  Pakait pikir  =  Jangji rek ngagij
8.  Panas leungeun  = Teu kajadian pepelakan
9.  Pangeprak remis  =  Purah diutuh etah
10.  Panjang lengkah  =  Jauh panyabaan
11.  Panjang leungeun  =  Sok pulang – paling, resep ceceremed
12.  Panon keongeun  = Panon caian bae
13.  Panonna kandar ka sisi  = Panonna resep ngareretan bae anu kasep (awewe lengger )
14.  Papadon los ka kolong  =  Pasini geus asak pisan tuluyna bolay
15.  Pariuk manggih kekeb  =  Nyetel
16.  Pareumeun obor  =  Teu nyaho baraya
17.  Pasrah arit  =  Pasrah luarna wungkul, henteu terus jeung hate
18.  Patpat gulipat  =  Kalakuan licik teu jujur
19.  Perlu kasambut sunat kalampah  = Ngalakukeun anu wajib bari sakalian jeung nu henteu dikudukeun
20.  Pondok nyogok panjang nyugak  =  Garihal teu matak resep ngadengekeunana
21.  Potol teko  = Potol pisan
22.  Puasa manggih lebaran  =  Makmak – mekmek
23.  Pucuk awian, lir awi sumear di pasir  =  Teu boga pamadengan sorangan
24. Punduk moal ngalihuran hulu  =  Sakumaha pinterna murid moal leuwih pinter ti guruna
25.  Pundung eon  = Pundung jijieunan, ngarah pada ngupahan
26.  Parada tamba kadengda  =  Tamba henteu teuing
27.  Pur manuk  = Digawe bari teu disuguhan, ngan diburuhan duit wungkul
1.   Najan dibawa kana liang cocopet  =  Daek najan dibawa ka mana bae oge
2.   Naheun bubu pahareup hareup  =  Ngahutang – hutang nepika kagok
nagih
3.   Nanggung bugang  =  Ditinggal maot ku lanceuk jeung ku adi
4.   Nepika nyanghulu ngaler  =  Nepika maot
5.   Nepika pakotrek iteuk  =  Nepika kolot
6.   Nepung – nepung bangkelung  =  Ngaraketkeun babarayaan ku jalan
bebesanan
7.   Nete akar neumbing jangkar  =  Seseleket, nyorang jalan nu rumpil
8.   Nete porot ngeumbing lesot  =  Sagala usaha teu hasil
9.   Neukteuk leukeur meulah jantung, geus lain – lainna deui  =  Teu hayang
dibalikan deui
10.  Ngabejaan bulu tuur  =  Ngabejaan nu geus nyaho
11.  Ngabudi ucing  =  Kawas nu teu karep, api – api teu hayang padahal nga
dagoan batur bongoh
12.  Ngabuntut bangkong  =  Teu bisa nganggeuskeun pagawean
13.  Ngaburuy  =  Nyaneut teu make lawuhna
14.  Ngacak ngebur  =  Kokomoan, mangpang – meungpeung
15.  Ngadago – dago dawuh  =  Tereh maot
16.  Ngadagoan kuda tandukan  =  Mikarep perkara anu mustahil
17.  Ngadaun ngora  = Nembongkeun deui kamajuan, sanggeus ngalaman
jaman mundur
18.  Ngadeupaan lincar  =  Ngadeukeutan hayang diaku
19.  Ngadu angklung  =  Parerea omong anu taya gunana
20.  Ngahurun balung ku tulang   =  Nangkeup tuur nandakeun keur
bingung atawa susah
21.  Ngajeler paeh  =  Halis anu ngajepat alus, sapeti jeler paeh
22.  Ngajerit maratan langit, ngoceak maratan mega  =  Ngajerit tarik pisan
23.  Ngalap hate  =  Ngangeunahkeun hate batur supaya dipikanyaah atawa
resepeun
24.  Ngalenghoy lir macan teu nangan  =  Leumpang alon tapi alus
katenjona
25.  Ngaletak ciduh  =  Narik omongan nu geus di kedalkeun
26.  Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat – ngembat nyatang
nyatang pinang  =   Ngaleut panjang pisan
27.  Ngalintuhan maung kuru  =  Neangan pibahayaeun
28.  Ngan ukur saoleseun  =  Ngan saukur saulineun
29.  Ngandung hate  =  Ngunek – ngunek, boga hate goreng, hayang males
kanyeri
30.  Ngarah ngarinah  =  Nipu, ngarugikeun batur ku jalan ngabobodo
31.  Ngaraja dewek  =  Marentah nagara nurutkeun kahayang sorangan
32.  Ngarah sahuapeun sakopeun  =  Usaha leuleutikan, neangan rejeki
saharitaeun
33.  Ngarangkai koja  =  Mimiti hade, lila – lila jadi goreng
34.  Ngareuntaskeun dungus  =  Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur                   ngora dina umur pakokolot
35.  Ngegel curuk  =  Teu hasil maksud
36.  Ngembang awi  =  Ngeumbreuk, teu laku
37.  Ngembang bako  =  Bosongot
38.  Ngembang boled  =  Tetela
39.  Ngembang cau  =  Jantungeun
40.  Ngembang cengek  =  Geulis, nenggang ti nu sejen
41.  Ngembang genjer  =  Gelenye
42.  Ngembang jajat  =  Jalinger
43.  Ngembang jambu  =  Lumenyap
44. Ngembang kaso  = Cilimit
45.  Ngembang kadu  =  Olohok
46.  Ngenbang laja  =  Jamotrot
47.  Ngembang lopang  =  Nyacas
48.  Ngembang waluh  = Alewoh
49.  Ngeuneh eon teu ngeunah ehe  =  teu adil  atawa pinter kodek
50.  Ngeunah nyandang, ngeunah nyanding  =  ahirup senang lantaran
cukup pake, jeung nyandingkeun pamajikan anu satia
51.  Ngijing sila bengkok sembah  =  Teu satia ka dunungan
52.  Ngodok liang buntu  =  Geus cape, tapi teu hasil lantaran aya nu
ngahalangan
53.  Ngomong sabedug sakali  =  Arang ngomong
54.  Ngotok ngowo  =  Cicing lila di imah batur
55.  Ngukur ka kujur, nimbang ka awak  =  Ngukur kamampuan diri
56.  Ngusap birit  =  aninggalkeun pasamoan  bari teu pamit heula
57.  Ninggalkeun hayam dudutaneun  =  Ninggalkeun pagawean nu can
anggeus
58.  Nini – nini leungit sapeuting, Tai maung huisan  =  Kari – kari
59.  Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan  =  Nu keur susah di
pupuas, ditambahan kasusahna
60.  Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan  =   Nanggap carita
gedebul rahul
61.  Nungtik lari mapai lacak  =  Neangan katerangan tapak lasak baheula
62.  Nurub cupu  =  Ninggang papasangan nu kasep jeung nu geulis
63.  Nyaah dulang  =  Nyaah ka anak nganmerhatikeun dahar pakena bae,
tapi teu malire atikanana
64.  Nya di hurang, nya di keuyeup  =  Parasaanmah teu di rahayat teu di
rahayat teu di pajabat, sarua bae
65.  Nyaho lautanana  =  Nyaho karesep jeung ka teu resepna
66.  Nyekel sabuk milang tatu  =  Perang tanding, ngadu jajaten
67.  Nyeuri beuheung sosonggeteun  =  Kesel ngadagoan nu rek datang
68. Nyiar batuk pibaraheun  =  Neangan picilakaeun
69.  Nyieun catur taya dapur  =  Ngarang carita teu puguh galurna
70.  Nyolong bade  =  Ulat bageur padahal jahat
 1.   Mabok pangkat  =  Adigung asa aing jeneng
2.   Macan biungan  == Jelema anu teu akur jeung batur salembur
3.   Maliding sanak  = Pilih kasih
4.   Malik mepeh  = Gulang guling nahan kanyeri
5.   Malik rabi pindah ngawula  =  Nganteurkeun dahareun ka menak, atawa dunungan atawa atasan nu anyar
6.   Manan leweh mending waleh  =  Tinimang matak susah sorangan, mending nyarita satarabasna
7.   Manasina sambel jahe, top – top tewewet  =  Moal ujug – ujug karasa hasilna  atawa gunana
8.   Mani hayang utah iga  =  Ngarasa kacida sebelna nenjo atawa ngadenge kalakuan batur anu oukaujudeun
9.   Maot ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja  =  Sing bener ari keur hirup, supaya ulah diomongkeun ari geus maot
10.  Marebutkeun paisan kosong  =  Marebutkeun perkara anu taya gunana atawa euweuh mangpaatna
11.  Mata dijual ka peda  =  Dilarapkeun ka nu malaweung
12.  Meubeut meulut  = Nyarekan bari mamawa kasalahan jalma sejen
13.  Meunang kopi pait  =  Dicarekan atawa digelendeng
14.  Mengpeun carang  = Api – api teu nyaho
15.  Meu[eus keuyang  = Ngabudalkeun amarah atawa kakeuheul ka nu teu tuah teu dosa
16.  Midua pikir  =  Teu satia dina urusan cinta
17.  Milih – milih rabi mindah = mindah rasa  =  Ganti pamajika sugan leuwuh ngarepok
18.  Mindingan beungeut ku saweuy  =  Nyimbutan rasiah sorangan anu geus jadi rasiah umum
19.  Mipit teu amit ngala teu menta   =  Maling
20.  Misah badan misah nyawa  =  Teu sarua boh lahir boh batin
21.  Miyuni hayan kabiri, kumeok memeh dipacok  =  Euweuh kawani, can ge acan geus jejerih
22.  Miyuni hayam kamayung  =  Teu payaan
23.  Miyuni umang  = Euweuh kadaek, teu hayang uhtiar neangan pakaya
24.  Moal jauh laukna  = Moal hese piuntungeunana
25.  Moal ditarajean  = Teu sieun
26.  Moal mundur satunjang beas  =  Moal ngejat sanajan salengkah
27.  Moal neangan jurig teu kadeuleu  =  Moal nyangka ka saha deui lantaran geus boga bukti
28.  Moal nyapek mun teu ngoprek  =  Moal boga rijki lamun teu usaha
29.  Mobok manggih gorowong  =  Kabeneran manggih jalan pikeun ngalaksanakeun karepna
30.  Modal dengkul  =  Modal mangrupa kadaek jeung tanaga wungkul
31.  Mucuk eurih  =  Lalencop ibarat pucuk euri ( ramo awewe )
32. Malangkeun panyiraman  =  Mikahayang nu lain – lain cenah dipikahayang ku indungna waktu keur nyiram ku manehna
33.  Murag bulu bitis  =  Hayang udar ider bae, teu betah cicing di imah
34.  Muriang ku kawayaan  =  Upama keur kabungbulengan teu kuat nyangga lara ati
35.  Musuh atawa satru kabuyutan  =  Musuh ti baheula nepika ayeuna, musuh turunan
 1.   Abang – abang lambe = Caritaanana ngan saukur ngangeunahkeun hate nu sejen
2.   Abong biwir teu diwengku, abong letah teu tulangan = Jelema anu ngomongna sakahayang, teu reujeung wiwaha
3.  Adil paramarta = Kacida adilna
4.   Ahli leleb = Tukang barang hajan
5.   Ajak jawa = ngajak tamba teu hade, tawar gatra
6.   Aku – aku angga =  Ngaku – ngaku atawa miboga barang batur
7.   Along – along bagja = Teu tulis meunang bagja
8.   Ambek nyedek tanaga midek = Kacida ambek, tapi teu bisa ngalawan
9.   Ambekna sakulit bawang = babari ambek
10. Amis budi = Alus budi parangi, teu weleh seuri
11. Amis daging = Gampang katerap panyakit kulit, tur hese cageurna
12. Apal cangkem = Apal, tapi teu nyaho hartina
13. Asa bucat bisul = asa lugina sanggeus ngarengsekeun pagawean, atawa sanggeus lesot tina masalah
14. Asa dijual payu = Pada ningalkeun di panyabaan atawa di pangumbaraan
15. Asa dina pangimpian = parasaan asa keur ngimpi, padahal keur nyaring
16. Asa dipupuk birus = Ngarasa tibra hate
17. Asa ditonjok congcot = Ngarasa atoh dumeh meunang rejeki atawa kabungah anu teu disangka – sangka
18. Asa peunggas rancatan = leungiteun batur anu nalang dina pagawean
19. Atah anjang = arang nganjang
20. Aya astana sajeungkal = Datangna ajal teu gumantung kana umur

  Laer gado  =  Sok kabitaan ku dahareun batur, gareraman
2.  Lain lantung tambuh laku, lain leumpang tanpa beja  =  Lain saukur indit -inditan, tapi aya anu dimaksud
3.  Lain palid ka cikiih  =  Lain jelema sakaba – kaba
4.  Lain kembang kamangi  =  Lalaki teu bisa nyukup pangabutuh runah tangga
5.  Lalaki langit lalanang jagat  =  Lalaki nu gagah perkasa sarta kasep
6.  Lantip budi  =   Gancang ngarti kana maksud atawa kahayang batur sanajan teu diceplakeun
7.  Legeg lebe budi santri, ari lampah euwak – euwah  =  Katingalina alim tapi sok pulang – paling
8.  Lembur singkur mandala singkah  =   Tempat anu nyumput sarta jauh
9.  Lengkah kapiceun  =  Nyaba bari aya nu dimaksud, tapi teu hasil
10.Lengkeh lege  =  buheukeu
11. Lesang kuras  =  Teu bisa nyesakeun rejeki teundeunan
12. Letah leuwih seukeut manan pedang  =  Raheut hate ku omongan leuwih peurih ti batan tatu
13. Leuleus awak  =  Daekan diutuh etah
14. Leumpang nurutkeun indung suku  =  Teu puguh anu dijugjug
15. Leumpeuh yuhi  =  Babari kapangaruhan, teu kuat nahan gogoda
16. Leungit tanpa lebih ilanh tanpa karana  =  Leungit teu puguh sababna
17. Leutik burih  =  Borangan
18. Leutik – leutik ngagalatik  =  Jalma leutik tapi wanian
19.  Leutik ringkang gede bugang  =  Sipat jelema, lamun maot loba urusanana
20. Leuweung gonggong sima gonggong, leweung si simenen jati  =  Leuweung geledegan, geueuman atawa pikasieuneun
21. Liang cocopet  =  Tempat leutik hara – haraeun
22. Lieuk euweuh ragap taya  =  Malarat,  taya kaboga
23. Lindeuk japati  = Siga lindeuk tapi lingas
24. Loba catur tanpa bukur  =  Loba omong tapi euweuh buktina
25. Lolondokan  =  Bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan lingkungan
26. Luhur kokopan  = gumede
27. Luhur tincak  =  Boga kalakuan kawas anu luhur pangkat
28. Luhur tulupan  =  Luhur cita – cita atawa kahayang anu henteu kasartaan
29. Luncat mulang  =  Teu tigin kana jangji
30. Lungguh tutut bodo keong, sawah sakotak kaider kabeh  =  Siga nu lungguh katempona, padahal bangor

K
1.  Kabawa ku sakaba -laba  =  Kabawakeun teu puguh lampah ku batur
2.  Kabedil langit  =  Kalinglap
3. Kacanir bangban  =  Kawiwirangan
4.  Kacekel bagal buntutna  =  Katewak luluguna
5.  Kaceluk ka awun – awun  =  Kasohor kamana – mana
6. Kagok asong  =  Kapalang geus nyanggupan
7.  Kahieuman bangkong  =  Siga beunghar lantaran katitipanbanda batur
8.  Kajejek ku hakan  =  hasil usaha beak dipake dahar wungkul
9.  Kakeueum ku cai toge  =  Eleh pisan ku pamajikan
10.  Kalapa bijil ti cungap  =  Muka rasiah sorangan kalawan dihaja
12.  Kaliung kasiput  =  Kalingkung ku baraya anu beunghar
13.  Kapiheulaan galuluh taneuh  =  Hudang kabeurangan
14.  Kapipit galih, kadudut kalbu  =  Kapincut
15.  Kapiring leutik  =  Kaisinan
16.  Kasuhun kalingga murda  =  Katarima pisan lahir batin
17.  Katempuhan buntut maung  =  Katempuhan kasusah atawa urusan batur
18.  Katindih ku kari – kari  =  Kasangka boga dosa
19.  Katerka ku kira -kira  =  Kasangka boga dosa
20.  Katurug katutuh  =  Keur susah katambahan deui susah
21.  Kandel kulit beungeut  =  Teu boga kaera
22.  Kawas aeud  =  Nya goreng budi nya bangor
23.  Kawas bayah kuda  =  kacida belelna
24.  Kawas beubeulahan terong  =  Sarupa pisan
25.  Kawas beusi atah beuleum  =  Geuneuk ( beungeut )  jalma anu kacida ambekna
26.  Kawas bodor reog  =  Jelema anu tingkah lakuna pikaseurieun
27.  Kawas bueuk meunang mabuk  =  Ngeluk tungkul teu wani ngomong kulantaran rumasa boga dosa
28.  Kawas bujur aseupan  =  Teu daek cicing
30.  Kawas carangka runtah  =  Jalma anu sagala beuki jeung gembul
31.  Kawas careuh bulan  =  Kandel ku bedak
32.  Kawas ciduh jeung reuhak  =  Sarua gorengna
33.  Kawas congcorang murus  =  Jelema anu jangkung tapi kacida begangna
34.  Kawas cucurut kaibunan  =  Goreng patut jeung pikarunyaeun
35.  Kawas dodol bulikan  =  Kulit hideung dibedakan teu rata
36.  Kawas durukan huut  =  Pibahayaeun anu teu kaciri sarta beuki lila beuki gede
37.  Kawas gaang katuncak  =  Ngadadak jempe
38.  Kawas gteuw  =  Teu bisa liar
29. Kawas gula jeung peueut  =  Kacida layeutna
30.  Kawas hayam lamba  =  Euweuh kawani
31.  Kawas hayam panyambungan  =  Talamba tolombo dina riungan lantaran euweuh anu wawuh
32.  Kawas heulang pateuh jangjang  =  Meh teu walakaya kulantaran euweuh nu bisa diandelkeun
33.  Kawas hileud peuteuy  =  Jelema anu ngahalang halang karesep batur
34.  Kawas himi- himi  =  Meh salilana babarengan duaan, tara daek papisah
35.  Kawas ledok bakal  =  Goreng patut pisan
36.  Kawas lauk asup kana bubu  =  Hese kaluar tina hiji lingkungan lantaran katalian ku jangji atawa aturan
37.  Kawas leungeun nu palid  =  Ngopepang
38.  Kawas nu dipukul bayu  =  Taya tangan pangawasa, leuleus pisan
39.  Kawas nu keked  =  Teu bisa barangbawa
40.  Kawas panyeupahan lalay  =  Kacida belelna
41.  Kawas siraru jadi  =  Riab kamana -mana
42.  Kawas tatah  =  Teu hideung sorangan
43.  Kaeaw tunggul kahuru  =  Goreng patut
49.  Kawas ucing kumareumbi  =  Sagala dicabak, sagala dicekel
50.  Kembang buruan  =  Keur meujeuhna lucu
51.  Kembang carita  =  Bahan carita nu narik perhatian dina riungan
52.  Keur bentang surem  =  Keur apes
53.  Keur meujeuhna bilatung dulang  =  Barudak anu keur meujeuhna parabaneun
54.  Keuyeup apu  =  Jalma nau elehan euweuh kawani
55.  Kokod monongeun  =  Teu daek asak lantaran loba dicabakan
56.  Kokoro nyenang  =  Nembongkeun pangaboga anu teu sabaraha lantaran hayang kapuji
57.  Kokoro nyoso malarat rosa  =  Kacida miskina
58.  Kolot dapuran  = Kolot nurutkeun pancakaki
59.  Kolot kolotok  = Kolot tapi euweuh kanyaho
60.  Kolot pawongan  =  Ngora – ngora siga geus kolot
61.  Koreh – koreh cok  =  Usaha jalma leutik, hasilna ngan ukur saharitaeun
62.  Kudu bisa ngeureut pakeun  =  Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki
63. Kujang dua pangadekan  =  Usaha anu ngadatangkeun dua kauntungan
64.  Kukuh ciburuy  =  Teu beunang diongget – ongget
65.  Kunaha bile hideungna   =  Kunaha engke buktina
66.  Kumaha ceuk nu dibendo  =  Kumaha ceuk pangagung bae
67. Kumaha geletuk batuna, kecebur caina  =  Kumaha engke
68.  Kumaha ramena pasar  =  Kumaha guyubna batur jenuk sarerea
69.  Kurang jeujeuhan  =  Kurang ati – ati
70.  Kuru aking ngajangjawing  =  Kacida begangna
71.  Kuru kurulang kuriling  =  Lara sangsara kadungsang – dungsang
72.  Kurung batok  =  Tara daekl lunta tilembur, jadi euweuh kanyaho
73.  Kumis bangbara ngaliang  =  Kumis anu nyeseg dina liang arung
74.  Kuru cileuh kentel peujit  =  Ngurangan sare, ngurangan dahar lantaran aya nudimaksud
75.  Keuna kulara teu keuna ku pati  =  Bisa jadi eleh atawa tatu, tapi moal nepika maot
 J
1.  Jadi cikal bugang  =  Pangheulana kasambut dipangperangan
2.  Jadi dogdog pangrewong  =   Teu boga tugas penting, sakadar bantu – bantu
3.  Jadi kulit jadi daging  =  Jadi kabiasaan nu hese dipiceuna
4.  Jadi sabiwir hiji  =  Jadi omong atawa carita sarerea
5. Jajar pasar  =  Sedeng tegepna, teu pati geulis teupati kasep tapi teu kaasup goreng patut
6.  Jalma masagi  =  Jelema boga, rea kabisa, turunan hade
7.  Jama bedil sundut  =  Jaman baheula
8.  Jauh ka bedug  =  Dusun, kampungan
9. Jauh – jauh panjang gagang  =  Jauh – jauh dijugjug, tapi teu hasil anu dimaksud
10. Jauh tanah ka langit  =  Jauh bedana
11.  Jelema bangkarak  =  Jelema nu taya gunana pikeun hirup kumbuh
12.  Keuna ku owah gingsir  =  Keuna ku robah
13.  Jiga tunggul kahuru  = Goreng patut
14.  Jongjon bontos  =Junun kana gawe, tara bengbatan
15.  Jual dedet  = Ngajual barang satengah maksa
 I
1.  Ieu aing  =  Angkuh, sombong, adigung
2.  Ilang along margahina  =  Kakurangan
3.  Ilang lebih tanpa karana  =  Leungit teu puguh sababna
4.  Indit sirib  = Indit sarerea saeusi imah
5.  Indung suku ge moal dibejaan  =  Pageuh nyekel rasiah
6.  Indung tunggul rahayu, bapa catang darajat  =  Kasalameten jeung kabagjaan nu jadi anak,  gumantung kana karidoan indung bapa
7.  Inggis batan maut hinis  =  Kacida paurna
8.  Inggis ku bisi rempan ku sugan  =  Sieun aya kajadian anu teu disangka – sangka
9.  Ipis biwir  =  Babari ceurik
10.  Ipis wiwirang  =  Kurang kaera





Tidak ada komentar:

Posting Komentar