BASA NITENAN FATWA
Meulit murilit kana peujit, ngancik dina ati sanubari, sumarambah dina bayah matak ngena kana manah. Ngaleketey kana lambey ngaleketek kana kelek, nyocog kana jajantung.
Kapeutik hasilna kaala buahna,
kakali beutina.Katampi kaastakalih
kateuda kalingga burda.
BASA SALUYU JEUNG MANUSA
Kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salogak, saigel sarengkak sapari polah sabobot sapihanean, pakait patali asih pacangreud Sukma ati.
Lir ibarat gula jeung amisna, uyah jeung asinna, obat jeung paitna jst.
BASA DINA NITENAN MANGSA
Menit anu paciwit-ciwit, jam anu pa antay-antay, pae anu patele-tele, beurang anu taya karingrang, peuting anu teu cicing-cicing, disusul ku minggu anu pa tunggu-tunggu, di papag ku bulan anu pinuh kupanghareupan sumping taun anu pa untun-untun.
BASA NYANGGAKEUN PUJA
Kembang malati jatining iman anu sajati anu ligar dina ati kersaning Alloh anu maha suci. Kembang gadung anu gumulung dina jantung kersaning Alloh anu maha agung.
Kembang samoja anu mangkakna dada kersaning Alloh anu gagah perkasa tur maha wisesa. Kembang mawar anu ligar dina taar kersaning Alloh anu maha beunghar.
BASA INDUNG BAPA
Indung anu ngakandung bapa anu ngayuga.
Matak ulah munjung kagunung ulah muja kasagara, munjung mah kudu ka indung mujamah kedah ka bapa. Da anu jadi kolot mah estu clak herang clak putih caang bulan tanggal opat belas jalan gede sasapuan, melaan ngurus ngatik tur
ngadidik nu jadi anak.
BASA PUTRI LIR WIDARI
Geulis kawanti-wanti kaya widadari, geulis bawaning ngajadi endah lain pupulasan.
Rambutna hieung meles ombak banyu lir mayang jambe nu rek ligar.
Beungeutna ngadaun seureuh.
Tarangnya jementrangan kawasss bentang.
Halisna lir katumbiri.
Socana cureuleuk lir intan baiduri. Pangambungna mancung lir kuwung-kuwungan.
Damisna lemes matak tijalkeuh tuma. Angkeutna lir endog sapotong. Lambey na ipis matak pi kauruyeun.
Pananganana ngagondewa.
Angkengna lir ibarat papanting. Imbitna dempok biola.bitisna jaksi sajantung. Lamun ditilik ti gigir lenggik sisawang ti tukang kenjang, diteuteup ti hareup sieup.
TAWIS KATINEUNG TI INDUNG BAPA
Indung tunggul rahayu,bapa tangkalna darajat, kitu numutkeun paribasa indung darma ngayuga, estu clak putih clak herang, caang bulan tanggal opat belas jalan sasapuan, teu rek igeug taligeug, moal baha bahan kana tinimbalan yang manon.
Kalayan kudrat sareng irodatna Alllah waktu anu ditunggu-tunggu tos katimum sanaos tadi rikat inditm nu tiheula cepat mangkat, anu datang cepat mulang. Anaking.. hidep ayeuna tos ngabandang ngajadi bujang tutug rampung tuntas paragat, milang jari panungtungan, dina detik ieu hidep anaking ngawitanna mangsa balig, munggaran nampa tugas tinu kawasa.
Nampi pameredih tin u maha suci, buku amal weuteuh ti lohil mahfuzd mangga geura sambut ku pangemut, buku daftar anjeun keur setorkeuneun dina hisaban. Kenca katuhu malaikat patugas Allah ngukuntit kamana bae hidep indit, dinu caang dinu poek, keur seueuran ker nyorangan, bade tarik bade laun, katawis atawa hanteu, mungguh Allaoh hanteu aya nu samara, rengkak paripolah anjeun moal lesot tina pangdangu sareng paneteup pangeran Robbul ‘Alamiin.
Ayeuna mangsana miang ngaleupaskeun medarkeun layar kahirpan. Geusan ngambah sagara bakti ka pangeran. Kade anaking ulah rek katipo ku hejona lautanm ulah rek kabita ku rayauan ombak lautan.
Hejo soteh rupana, da ari eusina mah matak cilaka jeung matak sangsara. Sing rajin neangan elmu, margi ilmu nu bakal mentaskeun hidep dina lauatan kahirupan. Ulah rek kaganggu atanapi ngagugu hawa nafsu, margi eta pangajak syaetan anu dika’nat ku pangeran, sabab badan anu katempuhan. Laksanakeun sareng heulakeun kawajiban ti pangeran, terutama solat anu lima waktu keadh dilakonan dina awal waktu.
Teras pigawe sunnah Nabi ngarah engke jadi dandanan di akhir zaman.
Lain ema jeung baba rek ngalaeupaskeun tanggung jawab, dalah dikumaha ayeuna hidep tosa gaduh buku nyalira.
Bapak ngan saukur bisa gugupay ku pangwarah alakadarna, tetep ujang anu nangtoskeun.
Ayeuna hidep anakaing anak bapa, bapa amanat pertahankeun syahadataen ulah nepikeun pareum, sing hurung dina jantung, tuluy patalepa ka anak incu anjeun. Lamun nu teu kitu berarti anjeun jadi penghianat agama, Rosul, Sohabat, jeung ulama, malah kanu jadi indung bapa jeung sakabeh turunan tah ieu titip dua kalimah syahadat:






manTTTapp ...
BalasHapuskami cita pangreka basa ...