Jumat, 29 Juli 2011

Soenda Makalangan


Anaking, Anak Ama

Hei anaking , anak ama
Poma hidep kudu beragama
Islam sebagai agama
Cecekelan hirup jalma
Cekel pageuh kaislaman
Sing panceug na kayakinan
Ulah rengat kaimanan
Nepi akhir kahirupan
Maot euweuh nu nganyahokeun
Peupeujeuh sing ditengetkeun
Hirup tarapti awalkeun
Ibadah tong diakhirkeun
Ama ikhtiar neanan nafkah
Pikeun bekel hidep ibadah
Supaya hirup merenah
Dunya akherat ngareunah
Hai anaking, anak ama
Geura siapkeun ti ayeuna
Bekel anu kudu dibawa
Ninggalkeun alam dunya
Hai anaking, anak ama
Ama ngarasa sugema
Lamun hidep hirup bagja
Amal soleh nu dibawa
Hai anaking, anak ama
Tuturkeun titah agama
Kudu hade ka baraya
Ka tatangga papada jalma
Omat hirup ulah awuntah
Boga harta ulah dimomonyah
Jauhan anu dicegah
Ku agama jeung pamarentah

 

 

Indung Anu Ngandung


Ari Indung nyekel pancen
Teu bisa disapirakeun
Lain bae mangsa ngandung
Oge ba’da brol ngalahirkeun
Saha anu sanggup hudang
Bari nyaring tengah peuting
Sabab anak hudang rungsing
Haying kiih jeungna ngising
Iwal indung nu ngurusna
Anu ngaganti popokna
Anu meresihannana
Anu bakal nyusuanna
Sanajan aya salakina
Oge sare gigireunna
Ngan nyaring sakolepatna
Teu bisa mere nyusuna
Teu cukup nepi kadinya
Aya nu leuwih pentingna
Nyaeta ngatik ngadidikna
Mangsa buray pibekeleunna
Duh, indung hatur nuhunna
Kana kasaeannana
Kana perjuangannana
Kana pengorbanannana
Mugi Gusti ngabalesna
Nampi kana ibadahna
Kalawan ganjaran pahalana
Tikel-tikel balenanna
Mugi abdi janten jalmi
Tiasa bakti ka Gusti
Bakti ka sepuh abdi
Anu parantos nyaah ka abdi
Mugi Gusti nyarengkeun abdi
Di surga sareng sepuh abdi
Aya dina ridlo Gusti
Amin ya Robbal’alamiin

 

 

Bakal Maot


Hirup di dunya saliwat
Anu beunghar anu malarat
Heunteu cacah henteu pangkat
Henteu menak heunteu rakyat
Heunteu budak henteu kolot
Sakur anu hirup maot
Kabeh oge bakal maot
Pasti ngalaman maot
Lain wungkul aki-aki
Lain wungkul nini-nini
Sanajan karek bayi
Sakabehna bakal mati
Sanajan pangkatna Abri
Sanajan pangkat polisi
Sanajan pangkatna mantri
Wadana maot oge bupati
Para dokter , para suster
Para sinder, oge si mister
Tentara atawa militer
Maot teu bisa diteler-teler
Para jaksa , pangusaha
Anu aya, anu usaha
Sanajan pinuh wiwaha
Maot teu bisa disaha-saha
Sing dalang oge sinden
Sing guru oge dosen
Sing si ujang sing si nenden
raden Maot oge presiden
Kabeh doctor, oge koruptor
inivator, tukang motor
Motivator, tukang molor
Diktaktor Maot oge Propesor
Kabeh insinyur, tukang sayur
Derektur, oge kondektur
Instruktur, tukang ukur
Maot henteu bisa diundur
Anu pakir, anu kikir
Oge supir, tukang parkir
Tukang mikir, anu kapir
Maot teu bisa dipikir-pikir
Tukang bobok tukang tarok
Tukang mabok tukang atrok
Tukang ngabobok liang orok
Maot teu bisa disogok
Sanajan bangsat tukang maling,
Anu jina anu ngalawading
Tukang ngaji , tukang eling
Maot teu bisa dialing-aling
Sanajan kiayi sanajan santri
Sanajan priyayi pramugari
Sanajan putri pramuswari
Maot pasti sanajan anak mantri
Para pemborong , anu sombong
Tukang ngabohong, tukang gisong
Anu lolong, anu ompong
Maot teu bisa dientong-entong

 

 

Ulah Kamalinaan


Panon manusa waladri
Lamun bisa gular giler
Kucap kiceup peureum beunta
Bisa awas bisa nempo
Katempo nu jauh nu deukeut
Kana warna kana rupa
Anu leutik anu gede
Anu panjang anu pondok
Kade ulah kajongjonan
Nonton TV kalilaan
Poho kana ngapalkerun
Poho kana pelajaran
Kade iu lah kajongjonan
Nonton film kalilaan
Poho kana kasehatan
Poho kana kawajiban
TV saukur hiburan
Teu cocok keur pendidikan
Teu cocok keur p[angajaran
Komo keuir katauladan
Da gening iklan ge bobolekakan
Nembongkeun orat parawan
Siga nu teu kasalahan
Ngamadaratkeun kanu lian
Ari film teh rame
Lamun ditonton teu sare
Lamun teu ditonton mah teu rame
Henteu rugi mrnding sare
Omat ulah ngahanakeun
Kamalinaan kana tontonan
Mending ngaji jeung ngapalkeun
Da et amah kawajiban
Mugi Gusti ngaraksa
Kana panon abdi sadaya
Tina sagala kamksiatan
Amiin Ya Robbal’alamiin.

 

 

Nyiar Elmu Kawajiban


Hayu Urang babarengan
Nyiar elmu kawajiban
Piken bekel kahirupan
Dunya aherat tujuan
Diajar urang awalkeun
Meungpeung aya kasempetan
Panyakit can nyampeurkeun
Nyanghareupan kasalsean
Lamun umur geus ngolotan
Kakuatan teh ngurangan
Sok embungt didipatahan
Da gengsi anu kasorang
Nyiar kumeli ka Kadungora
Meuli boeh ka Banjaran
Nyiar elmu meungpeung ngora
Mun paeh teu panasaran
Diajar ngaragaji ka Cipatik
Meuli tomat ka Cikapundung
Diajar ngaji ti leuleutik
Mun maot moal kaduhung

Asih nu mawa peurih

Asih surup ngudag srangenge
haliwungna ati anu ngageuri
kembang tresna ngawagu wayahna
rumasa raga teu walakaya
Geuning enya diri ngarasa
lieuk euweuh ragap teu aya
ukur keclak ibun katresna
ngalembereh maseuhan satia
Naha enya teu aya harga ?
talaga wening nyangkrung na soca
bedah marudah ngaremkeun rasa
asih, tresna, satia nu taya harga
kahalimpudan pamaes dunya
naha aya ngagenclangna rasa ?
Wilujeng angkat, deudeuh
Teu kedah ngumbar tibelat
Da ci soca moal saat-saat
Teu kedah ngumbar kawaas
Da ngangres mo laas-laas
Wilujeng angkat, deudeuh
Urang luaskeun ku ikhlas
Di jajapkeun ku sewu mamanis
Tanpa kecap pileuleuyan
Tanpa citangis marengan
Wilujeng angkat, deudeuh
Kantenan kalakay gupay
Nu ngebat lebah pengkolan
Heas-heas nurih ati, sakedapan
Ngalongkewang diri leungiteun puntangan
Hambar diri ilang tungkusan harepan
Sirna ilang mamanisna
Kantenan kecap papisah
Karaos mungkaskeun asih
Kantos nyeuit nurih ati, sungkan pisah
Uplek ngobrol sajajalan bari ngagugulung kangen
Wanci sareupna maju ka kulonkeun
Sora alon ngaharewos pileuleuyan
Wilujeng angkat, deudeuh
Mugia bagja marengan
Metik ati nu jadi panutan
Bari sabar ku papasten
Urang geus jadi nu lian
Wilujeng angkat, deudeuh


TUKEURAN IEU SAJAK

Tukeuran ieu sajak
Ku salambar simbut atawa samak saheulay
Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay
Pating golepak dina trotoar
Tukeuran ieu sajak ku beas wuluh atawa heucak
Heug sidkahkeun kanu haropak
Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak
Tukeuran ieu sajak
Ku sababaraha siki pelor
Heug tembakkeun kana genggerong koruptor manipulator
Sina enya kalojor
Tukeuran ieu sajak
Ku beubeutian tina kalbu anu rido
Keur nyebor anu balangsak
(Lamun teu kitu sasaak)



WASIAT KONGLOMERAT

Lamun Apih paeh
pangbungkuskeun ku salambar boeh
ladang ngeleketek
tina rupa-rupa proyek

Lamun Apih nemahan pati
pangmesenkeun padung jati
ladang ngumpulkeun komisi
jeung rupa-rupa korupsi

Kontrak-kontrak nucan diteken

Jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeun
awurkeun luhureun paesan
na tetengger heug tulisan
: parantos mulang ka kalanggengan

Apih, konglomerat tuladan


PANGBALIKAN

uh, iuh gunIung kuring
angin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungan
dumeh hirup halabhab cinta
di maranehna nya ayana

Aya sababna kuring tibelat
aya sababna kuring pegat
tapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina hate ngawih deui

Iuh,iuh gunung kuring
nyata, nyata tanda-tanda
ngabalungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rek asup
ka maranehna kuring rek balik
ka maranehna kuring rek pamit


LEUWI

sora nu tinggerendeng
teu weleh saheng
di leuwi aing

laut nu tan istirah
teu weleh motah

di leuwi aing
di leuwi aing

sagala teu weleh betah
sagala teu weleh motah


LALAKON I

Mangsa budak resep ulin
ngarucu bulan
mangsa rumaja resep wanoja
ngumbar asmara
nincak sawawa narik jangkar
ngambah sagara
geus kolot mah kari tapakur
isuk sore ngitung
umur!


LAGU HIRUP

Unggal poe unggal lengkah
nataan tanggal dina kalender
angger aya nu diarep-arep
ari umur melesat henteu kajeueung

Dina beja dina carita
teu weleh aya nu miheulaan
warna-warni kajadian. Teu kapireng
da puguh katalimbeng rusiah

Dina sakeclak cimata. Aya kasedih
nu teu kedal. Dina kongkolak
kahirupan. Aya nu miang
teu mulang deui


BONGAN KITU

Bongan kitu disebutna, puguh mega
dipapay di awang-awang: cek aing angin

bongan kitu karasana, nyerina raheut
tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi

bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina
ditepungan unggal wayah: cek aing werejit

bongan kitu pandena, nyarita sorangan
ditataan di rs jiwa: cek aing eling

bongan kitu ayana, beda jeung nu lian
diguliksek dina kamus: cek aing ibadah

bongan kitu itunganana: Gusti

Tidak ada komentar:

Posting Komentar